Kamis, 22 Oktober 2009

Munding di Bumi Harapan – Mei 2007

Di Bumi Harapan
Aya munding dua belas
Unggal poe diarangon
Ku si Cepi anakna nu boga munding

Abing hayang numpak munding
Munding anu panggedena
Anu tandukna nyalegrang
Gedena kabina bina

Ari A Bayu jeung Bio
Numpak munding geus tiheula
Munding anu warna bule
Guyat geyot bujurna

Oa…Oe….
Sora munding pang leutikna
Oa…Oe….
Haying nyusu ka indungna

Kumat kemot meni segut
Bangun kacida nikmatna
Alah eta aya kugeunah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar